Jumat, 05 Juni 2009

LALAKON TRESNA


Oval: TINK KIE WING’S KIEdina lambaran lalakon, aya katineng nu manteng
diri katalimbrung
dina lambaran katresna, aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung

dipaparin ku ciptaan
riung gumulung kaheman

mugia nyorang kabagjaan

sumerahna ieu diri
tumarima nampi cinta
najan diri kudu nyangcangan tunggaran

najan ukur lsaliwatan

najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan

sumerahna ieu diri
tumut takdir ti hyang widi
najan diri kudu nyangcangan kanyeuri
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abi nampi moal jadi geuring ati

sanajan ngan sajorelat
ambong tibelat
sanajan ngan saliwatan
abdi mah ikhlas

Tidak ada komentar:

Posting Komentar